Headlines News :
Home » » SAJAK-SAJAK SUNDA

SAJAK-SAJAK SUNDA

Written By Unknown on Senin, 15 Juli 2013 | 02.06


Janari Katompernakeun

Peuting tadi taya hujan nu marengan sawangan.
ukur aya  kalakay  ragrag jeung angin nu niupkeun salempang.
wanci janari nu katompernakeun pikir kumalayang neangan harepen
nu can tangtu iraha ngwujud kanyataan.
kanyaah jeung ka tresna
masih kalindih halimun.
Satungkebing langit salega jagad nyaksi ngajadi hiji



Sareupna sabada hujan


aya cileuncang
nyalangkrung di tepas imah,
tina sela-sela dahan arumanis
ngeclakan sesa cihujan siga nu peunggas harepan




20 02 1983
(aya nu ceurik dipapag gelenyu imut ibu)


kuring nu panungtung
ceuk itungan mah dinu kadua
ayeuna jangkep leuwihna salapan poe
satutas anjeuna mulang ka alam lana
mun seug direndengkeun tantuna
jadi angka 29
panceg kana waktu kuring kumelendang di pewaenangan
cohagna nambahan itungan
sajatiina ngurangan lengkah jeung rongheapna nafas.


#20 02 2012#
(aya katineung kanu mulang sataun katukang)






Nu mulang sataun katukang
(pihatur pun biang)


Langit haleungheum ceudeum
nalika girimis nganteur nu mulang
dibarung keclakna cimata

pucuk-pucuk eurih luak-leok
kasapu angin nu ngaharewoskeun kingkin
sapanjang jalan kaliwatan

*Batu reok
mungkas carita anjeun tibra
di alam lana


*Pamakaman di wewengkon Panjunan Sumedang





Asih halimun


hawar-hawar angin ngageuing katresna
nyimpaykeun raga katineung ka anjeun
dina bulan lumambrak urang patepung
silih titip asih,pada nunda kanyaah
keun
dilingkup halimun dipasieup kaheman



Ngalalana


Satutasna rereuh di satengahing marga
laku jumurung waktu
lumampah nikreuh mapay laratan
panutan ajeun teu weleh dina implengan



Layon saha eta


Bangke saha eta,
ngajepat sisi jalan pasampangan
taya nu mirosea buruk teu puguh rupa

layon saha eta,
ngajepat dinu amparan permadani
ditarete malati jeung kananga
pada nyengcerikan

naon bedana manusa,




Rumpaka


Kinanti Pamageuh ati
Rumpaka diwangun padalisan
Jati hamo kasilih junti
Sunda midang makalangan




Wanci


tengah peuting
anjing rageg patembalan
marengan hujan ngaririncik



Gayatri


langit ceudeum
ditema mega nu alum
ajeun nganti nu tigin jangji
nyatana sulaya nyanding kiwari

anjeun Gayatri
dareuda nahan cimata
lantaran inyana mungkas harepan
satengahing sagara asih

Gayatri
mungkas katresna
ngemasing paiti tumekaning perlaya
girimis nu nyaksi
balati tiliam asih nembus
jajantung.



Gayatri
II

Teu kungsi lila
anjeun datang deui
salin jinis jadi malati
mu mekar
na tungtung kaduhung
sabab kalindih halimun
katugenah




Kingkilaban mangsa janari
(keur anjeun nu ngancik na ati)


Kingkilaban ngagurat langit
marengan angin nu ngaharewoskeun kaasih
najan nyamuni dina rongheapna nafas

pucuk-pucuk waktu ting garupay
ngagentra katresna nu lumampah
mapay rasa nyiar rumasa
sajeroning sukma

anjeun
nu nyebit asih dinu ati
ngaguar carita katresna
ngolebat na kongkolak soca
mugi duriat nyanding bagja salawasna
sabab
satungkebing langit salega jagad
nyaksi ngajadi hiji.





Diajar maca jeung nulis


Kuring teh
keur diajar maca jeung nulis,
muga anjeun surti
kana pasini
nu jadi tanda tanya
antara kanyataan
jeung rasa
nu pagaliwota
dina saban lampah mangsa






Mega Alam
(keur ki sobat)


bareto na tungtung laku
meh bae inyana kasarung,
ayeuna inyana tijalikeuh
di jalan nu sabenerna kungsi kaliwatan,
meureun geus guratna kitu
kabawa anging kalimpud angkeub
nu mayungan buana




balebat di purworejo


isuk-isuk harita
balebat di alun-alun purworejo
anjeun imut bari ngagentraan kaheman





Sabada Isya
(keur Bapa nu mulang sabada Isya)


Aya nu tilar dunya
nalika peuting mimiti ngalengkah
dipirig ku rincikna sora hujan
ditema kalam mulya nu dareuda
dibarung keclakna cimata

#07042012#




Sawah


sakotakan keur dipaculan
Hawar-hawar bedug asar ngageroan
tuluy hanjat kana galengan
bari nyusut kesang ku lengen nu lmokot leutak



laku sakadang heulang


ngarongheap.... bari enteup dina dahan



Nalika

Malati ligar di lamping pasir
marengan sumirat  balebat
medal gurat sajak
nu can angeus dikotret
dina pucuk-pucuk halimun




Kiwari


Sabada  nyutat rumpaka  nu salah mangsa
naha  gening  taya mulang deui
sagara kaler guligah hadaruan ombakna
anjeun   ngilang taya mulang deui
tigin jangji  jadi tanya na tungtung tanda




Jalan Hirup


Rupa-rupa pasualan datang
marengan lengkah nyorang jalan kahirupan.
Sakapeung sok ngarasa yen hirup teh
asa diteungteuinganan ku kanyataan.
Tapi sajatina mah meureun
eta teh mangrupa bagian tina jalan hirup nu kudu dilakonan.
Paralun gusti teu niat aral subaha
ngan kuring remen ngarasa katurug katutuh.


 
Tapel Wates


Hujan ngaririncik dipapag ku
anjing nu rageg patembalan
tiris karasa liwat saking
marengan guligahna rasa
nu nguwak ngawik tiap jeungkal rumasa

Lawas mangsa
kuring teu nepungan anjeun,
hirup ukur mapay-mapay dunya
dikerewed ku nafsu dibakutet ku pangabutuh
antukna batan wawuh malah jauh

Jungjunan,
kiwari wanci janari nu katompernakeun
nyata karasa dosa meulit ka puhu leungeun
atra katembong lampah teu munasabah

Sumegruk
eurih-euriheun balilihan
lantaran peuting rek miang ninggalkeun
mangsa dunya nu teu lana
Diposkan oleh Giriloka Arya di 08.06
Share this article :

2 komentar:

  1. ieu sajak-sajak sim kuring, naha teu disebatkeun nami sim kuring atanapi sumber kutipan ieu sajak

    BalasHapus

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Proudly powered by Blogger
Copyright © 2011. Pidato Sunda - All Rights Reserved
Template Design by Creating Website Published by Mas Template