Headlines News :
Home » » Contoh-contoh mantra sunda

Contoh-contoh mantra sunda

Written By Unknown on Kamis, 04 Juli 2013 | 02.06

Contoh-contoh mantra sunda
Ajian
Ieu elmu katimbunan
Badan kuat teu karasa
Duk sakumpul asa kapuk
Duk sarempang asa kapas
Ampulna hampangna
Ku pangaresa Alloh
sorangan.
Ajian
Les peteng nu peteng
les leungit tandana peteng
Nini Hanatik leutik
asup kana ruas leutik
awaking Si Raga Ruas
Asihan
Asihan aing si burung
pundung
Maung pundung datang
amum
Badak galak datang depa
Oray laki datang numpi
Burung pundung burung
cidra kukarunya
Malik welas malik asih ka
awaking
Asihan
Asihan sabeulit bumi
Asihan salinlang buana
Brag asih da di asih
Nu asih lungguh na biwir
Nu haat lungguh na soca
Roh tuk-truk tuh badan si
anu (....)
Mang kawelas, mang ka
asih
Raat asih ka badan
awaking .
Asihan
Nu cunduk bayu si anu
nu datang atma si eta,
reujeung satineung jeung
aing
mangka datang jeung
ragana
mangka cunduk jeung
bayuna
mangka baraya jeung
satineung
mangka tunggal atmana
iya rasa nira iya rasa
nisun
saking purbaning
pangeran
asih na asih ka awaking
Asihan
Nu bogoh paboro-boro
nu hayang paheula-heula
nu beuki pagiling-giling
ne banyu pagulung-
gulung
ne atma paheula –heula
mangka reujeung
satineung
da tungkul geusan jeung
sukma
mangka lebur ucus
rumangga bayahna
mangka rug-rug sagalana
mangka asih ka awaking
da urang reujeung
satineung
da urang reujeung sa
bayu
daurang reujeung sarasa
iya iku asihan sang uleut
jati
Asihan
Ka Indung anu ngandung
Ka Rama anu ngayuga
Ka Indung nu teu
ngandung
Ka Rama anu teu ngayuga
kadulur opat kalima
pancer
Pang nepikeun ieu hate
Ka Indung na anu
ngandung
Ka Rama na anu ngayuga
Ka Indung na nu teu
ngandung
Ka Rama na anu teu
ngayuga
Kadulur na opat kalima
pancer
Kalawan kanu ngurus
ngaluis hirup jeung
huripna... (sianu) .......
Pamugi sing ............
Asihan
Tunjuk curuk masing
rincuk
di tunjuk kadua mangkuk
di ondang sangkala
datang
basa sia........geus di
tungtun
sukma sia..........geus di
bawa
beunang sia ........ku aing
teu wedi paseuri-seuri
teu weudeu padeuleu-
deuleu
tepung tingal mendak
layan
amprok jonghok mendak
jodo
aing.........geura
tuturkeun.
Jampe
Bismillaahirrohmaanirro
hiim
Niat ingsun neda tapa
Ka nabi ka para wali ka
Alloh ka Rosullulloh
Niat ingsun puasa
Ing dina poe kawasa
Turun Kabul
Bul Kabul paneja ingsun.
Jampe mencerahkan
pikiran
Allahuma hujud
bungbang
Nu hurung dina jajantung
Nu ruhay dina kalilipa
Remet meteng dina angen
Bray padang ….. Alllah.
Pangmukakeun kareremet
nu aya didiri kula
Bray padang,
Brya caang,
Caangna salalawasna
Lawasna Saumur kula
Jampe
Bismillaahirrohmaanirro
hiim
Sri Wilayang wiyat guna
mulih guna
Sira mati yamati ya mati
ya
Jampe Menta Lauk
(minta ikan)
Aki Batara Gangga nu ti
girang
Aki Batara Ginggi nu ti
hilir
aing ménta ingon-ingon
geura top
Jampe Unggah
Ashadu sahadat bumi
Ma ayu malebetan
Bumi rangsak tanpa
werat
Lan tatapakan ing
Muhammad
Birahmatika ya
arohmana rohomin
Jampe Turun
Allohuma ibu bumi
Medal tapak tatapakan
Turun wawayanging ing
Muhamad
Birahmatika ya arohma
rohimin.
Jampe Ngisikan (mencuci
beras)
Mangga Nyimas Alene
Nyimas Maulene
Geura siram dibanyu
mu’min
Di Talaga Kalkaosar
Abdi ngiringan
Nyi Pohaci Budugul
Wulung
Ulang jail babawaan
kaula
Heug
Nyi Pohaci Barengan Jati
Ulah jail kaniaya
Ka Nyi Pohaci Sukma Jati
heug
Jampe Nyimpen Beas
(menyimpan beras)
Mangga Nyi Pohaci
Nyimas Alame Nyimas
Mulane
Geura ngalih ka gedong
manik ratna inten
Abdi ngiringan
Ashadu sahadat panata,
panetep gama
Iku kang jumeneng
lohelapi
Kang ana teleking ati
Kang ana lojering Allah
Kang ana madep maring
Allah
Iku wuju salamaet ing
dunya
Salamet ing akherat
Asahadu anla ila haileloh
Wa ashadu anna
Muhammaddarrasolullah
Abdi seja babakti kanu
sakti, agung tapa
Nyanggakeun sangu putih
sapulukan
Kukus kuning purba
herang
Tuduh kang seseda tuhu
Datang ka sang seda
herang
Tepi ka kang seda sakti
Nu sakti neda kasakten
Neda deugdeugan
tanjeuran
Seureuh seuri
Pinang nanggeng
Apuna galugaet angen
Gambirna pamuket angen
Bakona galuge sari
Coh nyay, parupat nyay,
loeko lenyay
Cucunduking aing taruk
harendong
Cucunduking aing taruk
paku hurang
Keuna asihan awaking
Asihan si leuget teureup
Jangjawokan (Sirep)
Sirep hyung sirep maung
Sirep buta reuwah-euwah
Cau hujung tutulisan
Musuh-musuh ulah
tunduk
Musuh keyang ulah
datang
Ku ngaliwatna kawula
macan anu keur leumpang
Mantak gek lepo siah
musuh handapeun aing
Jangjawokan (Sirep)
Nini kaserangan bima
Aki kaserangan bima
Metuna si ganda muka
Ngadiukan kadigulan
Ngadi cahya sarangenge
Batuk aing sada gugur
Sora aing sada gelap
Bayu sere bayu sera
Bayu kaseraban aing
Sia tungkul aing tanggah
Sia kasirep ku aing.
Jangjawokan
Nu ngariung jiga lutung
Nu ngarendeng jiga
monyet
Nya aing mandaha !
Maung pundung datang
turu
Badak galak datang depa
Galudra di tengah imah
Kakeureut kasieup ku
pohaci awaking.
Jangjawokan
Curuk aing curuk angkuh
Bisa ngangkuh putra ratu
……
mangka reret soreang
soreang ka badan
awaking
Rajah
Neda agung nya paralun
Ka batara ka batari
Ka batara neda suka
Ka batari neda widi
Agungna ka nu kawasa
Mugi di jarring ku gusti
Karuhun mangka
ngariung
Nini aki jadi saksi
Uteuk tongo walang togo
Sakabeh taluk ka kuring
Kabeh pada nyaraksian
Kana ucap kuring tadi.
Rajah
Bismillaahirrohmaanirro
hiim
Nini Raja Puhara Aki Raja
Puhara
ulah idi ka pepelakan aing
maring pare maring sipat
sajeneng
kalawan ingsun sasipat
kalawan ingsun maojud
maring datulloh
maring sipat beas
sajeneng kalawan isun
maojud maring datulloh
Sri asih ka bangsa tunggal
kagungan
Sri suci mulya badan
sampurna tunggal iman
Ambu pancering iman
Bapa tangkaling iman
gagang aing gagang iman
salupih aing dadi lansip
dadi sasip dadi lancip
Singlar
Curulung cai ti manggung
Barabat ti awing-awang
Cai tiis tanpa bisi
Mun deuk nyatru ka si itu
Mun deuk hala ka si eta
Anaking palias teuing.
Singlar
Ong gambang-gambung
teluh katimpuh buta
kasinglar
wong sira pada
suminggah
ya wisésa
ya aing patapan masdaru
patapan daruni
ratu neluh buta ajur
Si Lumbak Si Atong
Si Ngudak Si Cocolongok
Si Kapulaga sira liman
jeneng
ingsun Sutera Mangaya
luwas waluya walaidun
desit
cundek kalacalu sipat nabi
Sipat iman iya Rosululloh
Keun urang teundeun di
handeuleum sieum geusan
sampeureun, cag urang tunda di
hanjuang siang geusan alaeun
paragi nyokot ningalkeun
waktu payun tepung
deui.......permios........!!!!!!.
Share this article :

0 komentar:

Speak up your mind

Tell us what you're thinking... !

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Proudly powered by Blogger
Copyright © 2011. Pidato Sunda - All Rights Reserved
Template Design by Creating Website Published by Mas Template