Headlines News :
Home » » Conto-Conto Jangjawokan

Conto-Conto Jangjawokan

Written By Unknown on Kamis, 04 Juli 2013 | 01.52

Conto-Conto Jangjawokan

Jangjawokan Paranti Nyeupah
Puasana 7 Senén 7 Kemis, mandi tujuh isuk, wekasanana mati geni sapoé sapeuting. Ieu du’ana:
Bismillahi suruh panggawé ati
jambé panglebur ati
apu panggurit ati
angker atina Si Anu
Bismillahillahi putih saking bapa nira
abang saking biang nira
dadu arana ashadu adep idep. Tamat
Jangjawokan Ngalintar atawa Nguseup Supaya Loba Laukna
Tapana ngalalab 7 poé. Ieu du’ana:
Aki Rékrék Turaya
anak patutan turunkeun
aing nya pangkonan sia
Banyu emas nu lénggang putih
Bayu emas nu lénggang hérang
bumi meneng //bayu meneng -7-
Ku Sang Kilat kumoncorong ratna putih
Sang Ibut Putih undur ku Sang Kilat Sakti
Ya isun sang D(e)mit Jati. Tamat
Jangjawokan Ménta Lauk ka Siluman-sileman
Ieu jampena:
Aki Batara Gangga nu ti girang
Aki Batara Ginggi nu ti hilir
Aing ménta ingon-ingon.
Geura top.
Jangjawokan Lulut Kana Lauk
Asihan aing Si Bangbarang Hérang
asih nu saleuwi sono nu sasédong
Ret puret nu karengkep aing.
Jangjawokan Mandi
Cahaya mamandi cahya
ya iku anganggo cahyaning macan gebong
maka wulung ati
digugul sia bagulong-gulong
beunang gulungan pantang sia bagolong
tek anceup tek sieup ka awaking.
Jangjawokan Paranti Bebedil Supaya Ulah Nyalahan Mimis
Caramaya isun angkongkon maring sira
pangbedahkeun aing Sang Badigul Putih
ku sang Baju Badigul Putih
ka sawakcané kanu pernah
tuh sawarga nira.
Jangjawokan Paranti Kana Bedil Supaya Ulah Keuna Ku Harus
Tapana 7 poé mutih mutih 7 poé 7 peuting ulah saré sarta teu meunang saré di wawangunan 7 peuting, ieu duana:
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Isun ngaran nira sadurungé ana bumi langit
Sang Diwulat aran nira
nursih maring isun.
Jangjawokan Paranti Ngajajamuan Awéwé Supaya Jadi Parawan Deui
Saratna dina buah cau kulutuk anu sacinggir gedéna lobana opat belas ésé. Puasa sapoé sapeuting. Ieu du’ana:
Bismillahirrohmanirrohim
Kulit raket otot raket
daging raket balung raket
pet pet dipepetan.
Jangjawokan Maké Minyak
Tapana mutih sakawasana mandi tujuh janari
Minyak aing minyak watu
dipidu di sihung maung
diocék di panonpoé
sekar taji suru gajah
nya gajah tunggal katau
wus kabeubeur
wus kabeungkeut atina si anu
atawa atina wong sajagad kabéh
Jangjawokan Lamun Paré Kurang Eusi
Ieu du’ana :
Ashadulallaillahaillalloh
waashaduannamuhammadarrosululloh.
Jimat aku jangkaring sahadat
puhu rasa godong hurip
sirulloh rasul kang asup cangkang
muhammad bungkulung manah. Tamat
Jangjawokan Panganggo Patani ti Awit Naék kana Leuit Paranti kana Tarajé
Puhaci Kéwuan Larang
Puhaci Rantayan Jati Aran Panggolong
Puhaci Sara Gimansari
wawuh sira ma ngambung sa énjak-énjak
saréna saeutik mahi hanteu réa nyésa
puhaci lantaran hérang
puhaci lantaran manik
puhaci lembut putih ana persandak
Jangjawokan Paranti asup kana leuit
Buah sukma peupeuk nu peupeuk Sang Batara Jati
ulah gédér ulah reuwas
mangga unggut kalindungan
ulah gedag kaanginan
ieu geus sia dilemah putih kasucianana.
Jangjawokan Paranti Neundeun Enggon atawa Telebug keur Paré
Gunung manik aniten
sampakeun para déwata
aran gunung Puhaci Amaran Jati Amparan.
Jangjawokan Ka Nu Tinggaleun Supaya Teu Leungit atawa Dipaok
Tinggaling sukma aran wawayangan tengah
aran nu ngaraksa lumbung
Puhaci lantaran hérang
Puhaci lantaran manik. Tamat
Jangjawokan Paranti rék Nyokot Paré
Nurulloh sirulloh
seri ambu leungeun ngadatangkeun
nya aing Ambu Puhaci Ratna Kasih
deudeum sukma pepek langgeng
tan kenang owah. Tamat
Jangjawokan Netepkeun Béas
Manik Larang ngaran nu tapa di jéro béas
Puhaci Lénggang Hérang
Puhaci Leunteur Putih nu mangku sajagat kabéh
ngaran dalu-dalu Puhaci Gelungan Jati
ngaran kéjo Puhaci Lémok Larang
ngaran gigih Puhaci Lempungan Rasa
ngaran réméh Puhaci Naga Talétéh
ngaran anu nungguan imah Nini Bermana Aki Bermana
ngaran anu dina lawang imah Nini Gandaré Aki Gandaré
ngaran longlongan Nini Karamat Aki Karamyang
ngaran anu di girang Nini Iles Aki Iles
ngarana anu di hilir Nini Déwa Kasih
nya aing sira mangambuh
sira mangambuh saéncak-éncak
saréana saeutik mahi hanteu réa nyésa
Puhaci Megat Rasa
Puhaci nu aya di wétan Sri Mangebarung
Puhaci nu aya di kidul Sri Mangundur
Puhaci nu aya di kalér Sri Mandalarang
Puhaci nu aya di kulon Sri Mandala Putih
Éta sadayana jenengan
lamun ku bangsa patani kudu dihadiahan sarta disebut jenenganana dipénta, lamun kaliwat ahli patani tanina kurang mangpaat
Jangjawokan Ngingu Sapi
Sia abus kenur tambang taya ngaran
sia eukeur tapa di gunung di kahiayangan
rasa sia rasa awaking rasa sia.
Jangjawokan Ngingu Ingon-Ingon
Sang Sawara Nini Kumantang Aki Kumantang
duwé putih Sang Putilang mang liat mangala-ala
sawara sia sawara awaking
Andini Apus Buyut Cangah ngaran sia
eukeur tapa di jero
beunang bubu putih
wangsa tingal mantra sia
nya aing batara sia
Jangjawokan Arék Mandi
Nawaétu Ranggani namaning istri
dat ludiat dat cahyaning pangéran
jisim abdi ngangken cahyaning pangéran

Jangjawokan Nyerepkeun Élmu dina Sapoé Sapeuting
Seri Tapa Mulanggana
awak panipuh buana
anyipuh Sang Hyang Tapa
nur dat nur sipat
nurtes bakaling manusa
trét cai bakaling manusa
lailaha ilalloh Muhammad darosululloh
Jangjawokan Nyaba
Saméméh indit kudu ngagedig bumi tilu kali sarta maca:
Bumi tuli jagat buta
rep peteng wong sajagat kabéh.
Share this article :

2 komentar:

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Proudly powered by Blogger
Copyright © 2011. Pidato Sunda - All Rights Reserved
Template Design by Creating Website Published by Mas Template