Headlines News :
Home » » BABASAN PAMASRAHAN PENGANTIN

BABASAN PAMASRAHAN PENGANTIN

Written By Unknown on Senin, 22 April 2013 | 23.13


BABASAN PAMASRAHAN BAKAL PANGANTEN PAMEGET.
Ass. Wr. wb
Bismillah jadi sekar pangiring catur, ngajadi tuturus laku, muru sampurnaning rahayu, banjaran jatining bagja.
Alhamdulillah panyinglar Riya jeung Sum’ah, anu pasolengkrah nyaruntah dina galeuh leuleumbutan, panundung ujub jeung takabur,  anu ngagojod dina qolbu, pangusir anu ngadaki dina ati, nu tinggal iwal ti setra bersihna ati, geusan nampa jorelatna hidayah al-qur’an jeung sunnah Rosululloh SAW.
Ku ucapan kalimat syahadataen, anu netepkeun pagusten, bari pasang subaya ka gusti nu maha suci, Insya Alloh moal arek lunca linci, mulang udar tina tali gadang, najan tepi ka iraha oge, keukeuh kukuh, anteng manteng moal rek monteng, najan loba nu muntangan.
Sholawat salam teh hiji do’a, nu nandakeun kadeudeuh sareng kameumeut anu maneuh, ka gusti junjunan alam, kakasih Alloh, habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina, miwah ka para shohabatna, sareng ka jalma anu turut tumut kamantena, pamugi kalebet urang sadayana. Amiin.
Para hadirin wal hadiroh rohimakumulloh! Utamina pangersa Al-mukarom al-mukaromah, biyang sareng ramana bakal panganten istri, kalih sadaya kawargiannana.
Saur paripaos sepuh tea mah, sim abdi dina ieu sa’at, lambe sambung lemek, ilat sambung talatah, sampean sambung lengkah, kenging ka percanteunan ti pangersa Al-mukarom al-mukaromah Bapa ………………….. kanggo ngadugikeun pamaksadannana.
Dupi anu kahiji ngadugikeun hatursewu panuhun, laksaketining kabingahan manah, ka kasih ati miwah ka kulawargi bakal panganten istri.
Anu kaduana, seja nyuhunkeun sihapunteun kasadayana, tina sugrining kalepatan, bilih rombongan anu sumping, kirang tata titi duga sareng peryogana, kasadayana neda tawakuf sareng hapuntena bae.
Anu katiluna, nyanggakeun silaturrohmi ka sadayana pamugi kersa nampina, kalayan pamugi Alloh SWT ngersakeun maparin paedah silaturrahmina. Amiin ya robbal ‘alamiin.
Dupi anu kaopatna, sumeja unjuk kapihatur sarehna di rorompok teh, gaduh putra anu keur mangsana remaja, gumeleber kumalayang, mapai-mapai raratan qodar pangeran, sumiriwik nitih taqdir ti ajali, kumawantun lolongok ka lebet kebon patamanan kagungan bapa……… didieu, rupina bae pasarandog amprok, sareng sekar anu nuju mangkak nantang seuseup, atuh waktos wangsul ka rorompok teh, katingal pun anak guling gasahan, lir kadudut lelembutan, kapentang mamaras rasa. Hoyong metik naming heunteu wanton, sanaos aya paripaos, batu turun keusik naek kalapa tonggoheunnana, Jang ……..  daek, Nenk ………… daek, sami sami pada bogoheunnana, saumpami heunteu kawidian kunu kagungan taman, da gening taman teh di pageur ku ajaran agama sareng susila.
Ku kituna unjuk kapihatur campaka teh hoyong dipetik, pangersa bapa kalih ibu pamugi widi, seja di anggo aleman sungkeman, pupunden rasa, buah ati, tempat kasucian ati, tempat sasampayan kaheman rasa, di damel batur hirup Saumur-umur, diajak sasarengan ngojayan sagara rumah tangga, neuleuman caladi laki rabi, pamugi pinareng tinemu bagja tansah kinayungan, salamina aya dina kaasih gusti anu maha suci, Amiin, rupina kitu gerentes pun anak teh.
Atuh waktos ayeuna, kagok asong kapalang rongkong, tatandang nu bakal mindang, balebat mangsana miyang, cunduk waktu nu rahayu, nitih wanci nu mustar, ninggang mangsa nu utama, malati ligarna ati, kembang tanjung nu gumulung, pameungkeut cangreud kadeudeuh, pakait patali asih, antawis Jang ……. Ka Neng …… pinasti rintih ngahiji, subaya nu bakal nyata, geugeut layeut laki rabi, sumangga urang sakseni.
Salajengna sim abdi, kalawan asamana Bapa …… nyaeta sepuh calon bakal panganten pameugeut, neda panyaksen ti sadayana kalayan ucapan BISMILLAHIRROHMANIRROHIIM!
Mangga nyanggakeun pun anak anu wastana, Ujang ………. Ka pangersa bapa kalih  ibu ……… kanggo di dahupkeun ka tuang putrid anu wastana Neng ………
Luyu sareng babadantenan urang kapungkur naming saleresnamah nyanggakeun teh mung nyanggakeun wungkul awak sakujur, tiluhur sahibas rambut, tihandap sahibas dampal, tigigir sapanggiling gisik kulit, rambutna salambar, getihna satetes, tulangna sahuntu, nafasna sadada, kabodoan sareng ireng kataligeuhannana, sanggem paripaos tea mah:
Ditekuk maung,
Katinggang pangpung,
Ilang alang marga hina,
Sumangga seja nyanggakeun….
Namung pun anak teh heunteu barang bantun anu nyugeumakeun, keupat kapitkeupat nampah teh saleresna, teu janjang jinjing, teu kapal keupeul, atuh eta mah manawi aya anu dijinjing anu di tangeuy, etang-etang tilam kadeudeuh bae ti pun anak ka tuang putrid didieu, pamugi katampi.
Pamungkas ti sim abdi, seja I’tidar sanduk-=sanduk papalaku, bilih bae aya sanggeum nu maduuk kana kalbu, ngagaris kana ing panggalih, langkung sahur bahe carek, aya basa kirang merenah, aya kecap kalepasan, pamugi bae sadayana, utamina pangersa sepuhna bakal panganten istri miwah sadaya kulawargi, mugi ageing cukup lumur pangapunten, neda jembar pangampura, kersa ngamparkeun lautan pangaksami, akhirna mangga sapurati ngahatutkeun.
 Wass. Wr. Wb.

BABASAN PANAMPIAN BAKAL PANGANTEN PAMEGET TI PIHAK BAKAL PANGANTEN ISTRI.
Ass. Wr. Wb
Ku aosan bismillah alhamdu;lillah nyanggakeun pujian ka dzat anu maha heman, anu parantos ngelelerkeun kani’matan nu ageungna nu alitna dipasihkeun ka urang sadayana, terutamina ni’mat Iman sareng Islam.
Ku aosan syahadataen urang be’at, ti dunya parat nepi ka akherat, sahingga Iman urang jadi kuat, siga batu karang dilautan, najan angin topan reujeung ombak ngamuk, ngabenturan batu karang, pikeun muslim mah teu aya deui rumus iwal ti nyodorkeun awak na!
Sholawat miwah kawilujeungan, pamugi salamina dilelerkeun ka panutan alam habibana wa nabiyana Muhammad SAW. Ka kulawargina miwah sahabatna, sareng ka jalmi anu tumut ka mantena kalebet urang sadayana.
Al-mukarom al-mukaromah ‘alim ‘ulama para ju’ama, para tatamu uleman sadayana, utamina calon besan, pangersa al-mukarom al-mukaromah bapa kalih ibu sepuhna bakal pameget, teu kakantun sesepuh rombongan, miwah sadayana rombongan rohimakumulloh.
Nuhun sarebu kali nuhun, gerah salaksa kabingah, sarehna sim abdi kalawan asmana pangersa bapa ……… sakalih, ngahaturkeun nuhun kana kasumpingannana. Jazaakumulloh bi ahsanil jazaa.
Kalih perkawis sim abdi teh upami sanggem paripaos tea mah, lambe sambung lemek, ilat sambung talatah, sampean sambung lengkah, saat ieu kenging ka percanteunan ti pangersa Al-mukarom al-mukaromah Bapa …………………..sepuhna calon panganten istri, kanggo ngadugikeun 1. Kasadayana anu sumping, ngahaturkeun sewu panuhun, sarehna ku rawuhna sadayana, mangrupikeun kahurmatan anu utami, sim abdi kalan asmana bapa ……… estu janteun kasugema’an manah, natak teleb kana lelembutan, katampi ku astakalih kasangga ka hingga murda, pamugi ginanjar lebeting nugraha tinu maha kawasa.
2. penghormatan anu kasanggakeun, ku pangangkeun sareng ku pitempatan, kieu buktosna anu tiasa kahaturkeun, kantenan ku tuangen sareng ku leu’euteun moal tiasa nyugemakeun, sadayana ieu taya maksad ngalungsurkeun martabat sareng kahurmatan, rupina saat ieu mung sakieu kakiatan tinu maha suci anu katampiku kulawargi sim abdi.
3. silatuahmi ti sadayana kalintang pisan ditampina, pamugi janteun tatali asih, nga eratkeun tali mimitra’an ka insanan, lungsurna utami ka islaman, sadayana kengig faedah silaturrohmu. Amiin!!!.
4. kasadayana bae utami ka bakal besan sumeja unjuk kapihatur sarehna dirorompok teh gaduh mojang anu nuju mangkak nangtang seuseup, lir ibarat kembang campaka nu nembe linggar, ma’lum nu tos janteun bakat, endah bawana ngajadi, sumawur wangining arum, arum-arum sekar wangi, wangi nu katebak angin, ka angseu ku hiji jajaka, jajaka nu keur mejehna remaja putra, kumalayang gumeleber, mapai-mapai laratan qodar pangeran, sumiriwik taqdir, ti ajali, siga nu milari tempat nyeuseup.
Salajeungna pun anak, ma’lum kiat ku kahoyong, mana leweh kalah waleh, wawartos ka sim abdi hoyong pangmilarikeun pang mapagkeun, kana kituna ma’lum “batu turun keusik naek, kalapa tonggoheunnana, Neng …….. purun, Jang ……… sami purun, tegesna pada bogoheunnana.hoyong kauntun tipung, katambang beas kapalupuh nangtung kapiduriat laksana sapaneja.
Alhamdulillah ngalangkungan pamasrahan ti asmana kasepuhan bakal besan ka kuping ku sim abdi, teleb kana lelembutan, estu janten kasugemaan, ditampi ku asta kalih kasangga ka lingga murda.
Beu ujang anaking di tampi ku apa, ku amah miwah sadaya kulawargi ditampi, tiluhur sausap ketu, tihandap sahibas sapatu, tigigir sabudeur baju, hideup jadi putra bapa anu anyar, moal di benteun-benteun, prak geura niatan rumah tangga teh  seja ‘ibadah ka Alloh, demi ngalaksanakeun parentah Alloh, seja milari ridhona alloh, sabab ieu kajadian the Ta’tsir Qudrot Irodat Alloh.
Insya alloh saumpamina hideup kitu paniatan moal sa’at ku ganjaran, moal leungit kasonoan, rumah tangga bakal harmonis, pinuh ku katentreman, moal bakal “habis manis sepah dibuang”, tapi bakal “ habis manis sepah kepah”, keur meuhneur ‘ibadah ku neuhneurna, tos peot ‘ibadah ku peotna, salamina moal leungiteun lapangan ‘ibadah.
Cenah eta panganten heunteu barang candak  barina oge hawatos teuing panganten barang candak mah, nu peryogina mah barang anu kacandak bae, pesenan kanggo pun anak, duka naon jenenganna mah, parioskeun bae engke ku Neng ……. Kanu nyandakna.
Pamungkaas caarios, kana sagala pamasrahan abdi kalawan asmana sepuh bakal panganten istri, nampi kalayan ku kabingahan, bakal panganten pamegeet bade enggal di istrenan, mangga sakseni ku sadayana, sodaqohna oge ditampi.
Kana kakirangan sareng kalangkungan dina panampianna, reka basa anu kirang mernah, ngukir catur nu teu ka ukur, matak ngagaris kana ati, matak rengat kana manah, neda tawakuf sareng hapunteuna, mugia sadayana kersa ngamparkeun lautan pangaksami, kana perhatosannana ngadugikeun: jazaakumulloha biahsanil jaza.
Wass. Wr. Wb.
Diposkan oleh ma
Share this article :

24 komentar:

  1. sae pisan kang.
    abdi hoyong tiasa jiga kitu,
    kang sugan gaduh contona pidato acara marhabaan,

    BalasHapus
  2. Wah, muantep nih. neda widi copas nya. Haturr nuhun.Jazaakallooh khoiron katsiiroo. (batujajar)

    BalasHapus
  3. Akhirna tinekanan cunduk kana waktuna naon nu di pilari ngawujud di dieu. Ijin copy kang....

    BalasHapus
  4. izin coppy ! hatur nuhun....

    BalasHapus
  5. jempol pisan..... mugi tiasa dimanfaatkeun ku seueur jalmi anu meryogikeun sapertos sim kuring nu nuju di ajar... hatur nuhun Jazzakumullah...

    BalasHapus
  6. Kewes tur pantes bubuhan kenging ahlina, raos anu maos teu cekap ku sakali, neda widi simkuring bade ngopy duluur.

    BalasHapus
  7. Alhamdulillah, tiasa kangge obat sono sim kuring nu tebih ti lembur. Sugan aya nu tepang atanapi kagungan alamat khusus kangge ngabahas babagan budaya sareng sastra sunda, hoyong pisan sim kuring belajar.

    BalasHapus
  8. hatur nuhun kang, ku abdi di jantenkn rujukan

    BalasHapus
  9. Hatur nuhun kang katampi tur jadi elmu nu manfaat

    BalasHapus
  10. Hatur nuhun, izin copy kang .

    BalasHapus
  11. alhamdulillah,ti baheula sok masrahkeun,rada kabolanbentor, kenging contoh nu teu panjang,tapi mantap singkat adat.nuhun,ijin ngopy kang

    BalasHapus
  12. Mantep pisan. Izin copas kang, hehe

    BalasHapus
  13. SaƩ pisan beuh kayungyun ku ucapanna.ijin ngapalkeun simkuring.

    BalasHapus
  14. Haturnuhun pisan ka tampi (qobiltu)mugi neda widi piken bekel simkuring haturnuhun pisan kang,,

    BalasHapus
  15. mugya elmuna manfaat..neda copasna

    BalasHapus
  16. Subhanalloh sae pisan izin copas pangersa

    BalasHapus

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Proudly powered by Blogger
Copyright © 2011. Pidato Sunda - All Rights Reserved
Template Design by Creating Website Published by Mas Template