Headlines News :
Home » » Ma’rifat dasar versi bahasa sunda X

Ma’rifat dasar versi bahasa sunda X

Written By Unknown on Kamis, 11 Juli 2013 | 22.35

Ma’rifat dasar versi bahasa sunda X
Category: Religion and Faith

Maqom Mahabbah.

Bismillahirrohmaanirrohiim

Para wargi sadaya mangga urang teraskeun deui hanca anu tipayun dina rarangka nambihan wawasan tauhid atanapi kaimanan dina agama Islam numutkeun pedaran dina ieu buku, mangga urang kawitan:

Ari maqom yakin anu kasalapan nyaeta mahabbah. Hartosna CINTA, khususna cinta ka Alloh sareng cinta ka Rasulullah, umumna cinta ka sadayana makhluk-Na atas dasar cinta ka Alloh, mahabbah ka Kholiqna.  Ari anu dimaksud mahabbah didieu nyaeta mahabbah ka Alloh, mahabbah karna Alloh.

Ari jalma anu mahabbah eta tangtu naliti, nalungtik kana ka aya-an anu dimahabbahan-nana ( anu dipikacintana ), nyaeta Alloh SWT kalawan leres-leres.

Ari maqom mahabbah ieu minangkana mah maqom suluk anu pang puncakna, sabab maqom pang akhirna tina sadayana maqom yakin anu salapan.

Dawuhan KN Muhammad saw kieu :

 “Sing saha anu cinta karna Alloh, jeung bendu karna Alloh, jeung mere karna Alloh, jeung nyegah karna Alloh, maka nyata sampurna imanna eta jalma”

Saur Syekh Kabir Abdullah Al-Hada ra. (1044-1132 H):

“Kanyahokeun ku anjeun, saenyana timbulna pokona mahabbah ieu teh nyaeta tina ma’rifat. Sabab moal cinta lamun henteu wawuh heula. Ari puncak buahna mahabbah nyaeta kalindihna hate ku mahabbah ka Alloh, sareng leres-leres ngajalankeun parentahna, ngajauhkeun cegahan nana”

“Ari pangluhurna darajat mahabbah, nyaeta henteu aya dina hate anjeun mahabbah sama sakali ka salian ti Alloh”

Tah dimana anjeun dawam kituna, tanwande bakal musnah kabasyariyahan anjeun sakuliahna, jeung bakal istighroq ( karem ) anjeun dina ANWARIL – ADHOMATIL – RUBUBIYYAH, hartosna bakal karem anjeun dina lautan Nur Kaagungan Dzat Alloh Anu Ngatur.  Tah ieu teh  anu sok disebut SYUHUD tea, nyaeta RU’YATUL HAQI BIL HAQI.  Hartosna : Ningali Alloh ka Alloh.

Sareng upami jalma mahabbah nepi kana maqom bieu…..,gelarna teh MUHIBBIN SODIQUN ( anu cinta sabenerna ), calon nyandang gelar MAHBUB SIDDIQ atawa ‘ARIF SIDDIQ.

Ari awalna mahabbah anu sabenarna kudu geus ma’rifat, sakirang-kirangna ma’rifat dina Af’al sareng Asma tur Takholluq Bikhulqillah hartosna  Berakhlak Kalawan Akhlak Alloh.

L E N Y E P K E U N

Upama jalma suluk kalawan leres-leres tug nepi ka ieu maqom mahabbah, maka dina ngajalankeun, ngamalkeun, naekan Asmana oge bareng sakabehna lahir – bathin ……, hatena…., sareng akhlakna, umpamana:

Lamun keur naekan ASMA….”ARROHMAANIRROHIIM”….! Ucapannana, amalanana,  wiridan-nana, dina siang – wengina, sok teras terasan maca :“ YA..ROHMAANU… YA…ROHIIMU…” atawa wiridna teh: “BISMILLAHIRROHMANIRROHIM”……..!

Ieu suluk khusus dina ASMA anu KHUSUS. Tah kitu cara wiridannana……….!

Ayeuna cara TAKHOLLUQNA, nyaeta ngamalkeun kana ma’nana eta ASMA…, anu ma’nana teh nyaeta: “NU MAHA MURAH-MAHA ASIH” , anu marinan ni’mat gede-ni’mat leutik, anu rahmat nya-ah dunya-akherat  ku jalan miasih ka sasama, nya-ahan…., bageur… kanu kumaha bae, ka saha bae. Teu pilih bulu teu pilih kasih, sakumaha nya-ahan nana Gusti Alloh ka mahlukna, sanajan kanu wangkelan ka anjeunNA, sabab maranehan-nana oge sarua meunang rohmanna Gusti Alloh.

Omat…, sifat Rohmat ieu kade leungit dina hate anjeun, sanajan urang ieu keur meunang gogoda, saperti dicarekan, dihina, jeung sajabana.

Anu matak…, dina sajarah para Waliyulloh, disebutkeun: aranjeunna ieu naringkatna sareng nepi kana eta darajat teh, teu aya sanes iwal ti ngagaduhan sifat: Nya-ahan.. heman……. ka sadayana makhluk.

Sareng pasti dimana jalma anu parantos TAKHOLLUQ samodel kitu…., moal boga hate unek-unek, sirik-pidik…., anu mana dua  panyakit hate ieu anu matak ngaruksak kanu’AM’ sareng ka nu ‘KHOS’.

Prak laksanakeun…. Elmu teh sing nepi kana mangfa’at, sing cocog jeung maklumna, di dunya nyalamatkeun kana hate…, di akherat nyalamatkeun dina hujjah. Ieu ciri diantarana ‘ELMU NAFE’. Sakumaha diterangkeun dina hiji hadist, anu ieu hadist teh sering dimuat ku Imam Al-Ghozali nyaeta kieu ma’nana:

“Saha anu tambah-tambah elmuna, tapi henteu tambah-tambah pituduh…, maka moal tambah deukeut ka Alloh, malahan…. tambah jauh….”

Saur Imam Ghozali dina IHYA-na, sareng dawuhan Asysya’roni, kieu:

“Saha jalma anu henteu boga elmu rahasia hate…, paur… maotna… su-ul khotimah ( maotna henteu mawa iman ). Matak sakirang-kirangna… kudu percaya sareng taslim ka anu boga eta elmu……”

Sareng ari kakuatan ma’rifat eta aya 2:

Hiji tina dalil, nu disebut Ma’rifat Burhan.

Kadua nu disebut Ma’rifat Timadlul. Anu ngaranna Ma’rifat  ‘IYAN. Oge sok disebut YAKIN tea, sakumaha ceuk ta’rifna:

 “Ari ngaran YAKIN teh, nyaeta ningali nyata ku lautan iman, lain ku hujjah sareng lain ku dalil”.

Apan Kanjeung Nabi oge  diparinan DALIL AL-QUR’AN mah saba’da yuswa 40 tahun. Tadina mah henteu…., nyakitu deui tina kakuatan iman mantenna dugi ka ISRO sareng MI’RAJ dugi ka kenging oleh-olehna…, nyaeta SHOLAT FARDHU anu lima waktu  apan samemehna mah acan aya sholat fardhu. Alhasil ieu teh tina KAYAKINAN NANA sareng tina sae AKHLAKNA, nyaeta TAKHOLLUQ BIKHULQILLAH. Margi TAKHOLLUQ eta aya dina Maqom FARQI, sedengkeun TAHAQUQ aya dina  Maqom FANA.

Bingung deui wae nya? Sumuhun da ieu mah ringkasan nana atuh. Lamun hoyong ngarti kana istilah samodel kitu nya kudu daraek maca kitab-kitabna;

Tapi sawios lah teu apal kana istilah oge da ieu mah sanes keur bekel ceramah tapi keur amal keuneun.

CARA MA’RIFATNA:

Dina ASMA “ARROHMAANIRROHIM”, urang ieu kudu TAHAQUQ ( ngayatakeun hakekatna ): ieu mah bagian RASA.

Yen dimana urang nya-ahan, berehan…, tekadkeun bae eta teh TIMBUL ti Alloh, sabab “ARROHMAANIRROHIM” teh GELAR ANJEUNNA. Rohmat teh sifat anjeunNA.

Tah lamun tos kitu.., kakara anjeun kataekan eta ASMA sabab geus kumpul antara Syare’at anu bukti ma’nana, sareng Thorekat anu bukti dina Takholluqna, sareng hakekatna, nyaeta …. TAJALLINA ALLOH ku eta ASMA.

Ieu teh sing tiasa bareng sakaligus tiluan-nana, nyaeta:

“Lisanna-hatena-sareng sir-na” kalawan taufik Alloh bakal hurung…. caang…. hate anjeun….., awas…., mukasyafah…. kana NINGALI ALAMNA ETA ASMA. Nyaeta ALAM anu TANPA HURUF… TANPA SORA…, nu KATINGAL teh WUNGKUL…. NUR…. Anu terus eta NUR teh ngaliputan ka sakabeh ALAM.

NGAWANGSULAN KATERANGAN PERKAWIS MAHABBAH:

Dawuhan gusti Alloh dina surat Ali’Imron ayat 31-32:

“Caritakeun ku anjeun ( heh Muhammad ), lamun  maraneh aya  micinta ka Alloh, maka kudu nuturkeun maraneh ka kaula. Tangtu micinta  Alloh ka maraneh jeung ngahampura Alloh kana dosa-dosa maraneh, sareng ari Alloh eta Maha Hampura, Maha Asih”

“Bejakeun ku anjeun ( heh Muhammad ), kudu tho’at maraneh ka Alloh jeung ka Rosulna, maka lamun maranehan nana ngabalieur maka saenyana Alloh eta henteu micinta ka sakabeh anu kufur”

Ceuk sawareh ahli tafsir, sabab diturunkeunnana ieu ayat, nyaeta hiji mangsa Kanjeng Rosullulloh saw.  lebet ka ka’bah ka sampak jalma-jalma anu kafir keur ngongkorongan tapekongna, kalawan make endog kaswari bari riba ku rarangken.

Lajeng kanjeng Nabi negor: ”model kieu agama Nabi Ibrohim…, anu diaraku kumaraneh  teh….?”

Jawab maranehan nana teu euleum-euleum:”Teu ibadah kuring kana ieu tapekong, iwal ti rasa cinta ka Alloh  jeung ngarah leuwih ngadeukeutkeun ka anjeunNA”

Nya kontan terus turun ieu ayat… keur nolak kana tekad, ucap, lampah, maranehan nana anu sasar.

Alhasil, cinta ka Alloh eta kudu dinyatakeun ku nuturkeun, manut kana ajaran kanjeng Nabi Muhammad saw dina tekad, ucap, sareng lampah. Nurut kana ajarannana, ngajauhan cegahan nana…!

SYARE’AT sareng HAKEKATNA:

Elmu teh jeung RIYADLOHNA jeung TAFAKURNA, sakumaha parantos dijalankeun ku Kanjeng Nabi saw, khususna di lebet Guha Hiro, sahingga Siti Khodijah r.a. nu janten garwana sering nganteuran ka anjeunna.

Nya…., tug dugi ka… pet-na.. dina waktos bade sumping Malaikat JIBRIL nyandak wahyu anu munggaran. Jadi elmu teh jeung riyadlohna. Ulah ELMU wungkul, ulah riyadloh wungkul. Anu matak kudu suluk, anu ta’rifna:

 “Ngambah kana maqom-maqom yakin ku elmuna sareng ku tingkah hatena, lain ngambah ku elmuna wungkul”

Tapi berjalan elmu sareng tingkah hatena, nepi ka elmu teh bisa karasa, nyata.

Nyakitu deui, parantos dicontoan ku anu laluhung sapertos para nabi, para rosul tikawit K.N Adam a.s.

Malih K.N Adam a.s mah ngajalankeun tobatna teh dugi ka ratusan taun ngajalankeun kapengkuhan-nana dina mayunan umat anu ngabangkang, sareng ngajalankeun syukuran-nana, dugi ka gaduh gelar: “ULUL’AZMI”( kapengkuhan ).

Nyakitu deui K.N Yusuf a.s. TAPA-na teh apan dijero sumur sareng dijero bui. Memang lahirna mah dihinakeun… tapi hakekatna mah… DIMULYAKEUN………!!

Anu matak…., urang kudu ridho, mahabbah ka Alloh! Sanajan karasana ku nafsu mah henteu ngeunah. Nyakitu deui para Nabi anu sanesna…., sapertos Nabi Musa a.s. apan TAPA-na di gunung Thursina….. salami 40 dinten.

Nabi Yunus a.s…., TAPA-na teh dijero beuteung lauk. Teras kadieunakeun…, ditulad ku para ahli warisna anu saroleh, sapertos ku para sahabat, para tabi’in, para mujtahidin, sareng para kakasih Alloh. Anu matak aya dina haditsna:

 “Ari ‘ulama eta ahli warisna para Nabi”

( Riwayat Abu Dawud, Thurmudzi, Ibnu Majah, Ibnu Hibban )

sareng:

 “Ari ulama umat kami eta saperti para Nabi Bani Israil”

FAEDAH:

Dumasar kana hadist anu kasebat di luhur, maka seu-eur umat Kanjeung Nabi saw, anu ngagem milu kana manah-manahna para Nabi anu kapungkur, tapi., NUR-na mah nyandak ti Kanjeng Nabi saw di antawisna aya anu milu kana manah K.N. Adam a.s., ka K.N. Nuh a.s., ka K.N. Ibrohim a.s., ka K.N. Musa a.s., ka K.N Isa a.s, ….. sareng ka anu sanesna.

Nyakitu deui KAROMATNA oge milu kana mu’jizatna eta para Nabi a.s. sabab…., dimana aya digirangna…, tangtu bakal ngocor ka hilirna. Asal daek ngocorkeun-nana… sareng ngabebener sawahna… sareng daek capena dina ngolahna…, dina miceunan hamana… jukutna… sareng ngagemukna ( ngarabukna ) sareng nyocokan liang-liang anu balocorna sareng CINTA ngurusna. Ulah kahayang gede tapi kedul rek kumaha jadina.

Tah, IEU SAWAH TEH, simbul…., misil…, kana HATE sareng kana RAGA. Mangga geura ku urang lenyepan sareng tafakuran ku emutan anu bersih.

Dawuhan Gusti Alloh SWT, dina surat Al-A’rof ayat 57:

“Jeung ari taneuh anu subur, eta bakal alus kaluarna pepelakannana kalawan izin pangeran-nana, jeung ari taneuh anu tandus ( goreng ) eta moal kaluar pepelakan-nana anging mereketetet. Tah saperti kitu kami ngajelaskeun kana ayat-ayat pikeun ka kaom anu syalukuran”

Taneuh anu subur, anu lendoh, eta conto pikeun mu’minin. Taneuh anu tandus, eta conto anu kafir. Sareng sing emut dimana urang pepelakan, sing tiasa milih ngangge bibit anu sae….!

Mangga sami-sami urang tafakuran………………!

ADAB MAHABBAH:

Lamun urang terus ningkat mahabbah tina diajar…., bisa,… nepika ahli…, tangtu moal eureun-eureun MAHABBAHNA, TAFAKURNA, sareng… TAQORRUBNA… ku jalan DZIKIR sareng… FIKIR….!

Upamana, boh keur di kantor, di pasar, keur nyorangan , atawa keur gaul, keur naon bae, sahingga moal aya waktu anu nganggur..!! sabab hatena oge anu geus kitu mah mimiti moncorong, sareng parantos ngarasa kana LEZATNA mahabbah. Anu antukna sok dicabut ku Alloh RASA hayang dahar, RASA hayang nginum, RASA hayang sare, RASA hayang ngomong. Tah dina maqom ieu ngawitan hurung…, caang.. HATE teh.

Salajengna…, lamun tea mah tunduh…, sok ngalap cukup bae ku ngalenyap bari ka aya-an diuk, sareng anu sakira-kira sarena teh henteu matak ngabatalkeun kana wudlu. Sabab lamun aya dina maqom ieu mah, omat ulah batal wudlu, lamun tea mah batal, kudu gancang wudlu deui…!

Ieu teh minangka ADAB anu utama … dina ngalaksanakeun MAHABBAH KA ALLOH SWT.

Sareng nyakitu deui, lamun tea mah kabeneran lapar, maka eta oge kudu ADAB, nyaeta carana: lamun dahar ulah leuwih huapna tina bilangan “Jama’qilah”( loba tapi saeutik ): nyaeta ulah leuwih tina 9 huap. Kitu sulukna Syaekhul Islam ZAKARIYA AL-ANSORI.

Tapi, ari pikeun anu acan tepi kana ieu maqom mah, nyaeta anu masih gede keneh syahwat, dahar-nginum-sare, maka ulah waka nurutan samodel kitu, paling oge diajar saeutik-eutikeun…! Minangka latihan nana…!

Sabab, lamun tarik teuing lapar…,eta matak bahaya kana panyakit MAAG, sareng matak ngaganggu kana saraf otak. Mangkaning eta sadayana teh modal utama, sareng memang oge perkawis ieu mah eta tergantung kana situasi sareng kondisi, sareng tergantung kana kadaek, sareng cita-cita, sareng angkeuhan anu kuat….!

HIKMAHNA:

Ari jalma anu tos ngarasa LEZATNA MAHABBAH…, Lezatna MUNAJAT, eta tos gaduh ciri yen eta amalna ditarima ku Alloh SWT.

Saur IBNU’ATHOILLAH dina HIKAM-na:

 “Sing saha anu manggihan buah amalna kontan ( di dunya / dina waktu ngamal ), maka eta dalil kana ditarimana eta amal di jagana ( akherat )”

Nyaeta contona saperti: LEZAT…, NI’MAT…, BETAH…., GUMBIRA…., dina waktu NGAMAL .., tah eta tuduh kana ditarimana eta amal ku Alloh SWT.

Tapi omat….,ulah boga tujuan kitu, hayang lezat, hayang ni’mat, sabab mentog di dinya…! Ah, pokona mah sing ikhlas bae…, karna Alloh!

CARA BERGAUL

Ieu oge kedah didasaran ku MAHABBAH ka Alloh sareng karna Alloh. Sakumaha dawuhan Gusti Alloh dina Hadist Qudsi:

 “Pasti mahabbah Kami pikeun kanu silih pikacinta karna Kami, jeung pikeun kanu ngariung-mungpulung karna Kami, jeung pikeun kanu silih jarahan karna Kami, jeung pikeun kanu totomplokan karna Kami”

( Hadits Shoheh Riwayat Imam Malik  )

  Sareng dawuhan nana deui:

 “Ari sakabeh anu silih pikacinta karna ka agungan Kami ( dina ngagungkeun Kami ), keur maranehan nana baris meunang mimbar tina NUR anu dipikabita ku para Nabi jeung Syuhada”

Ceuk dina HIKAM IBNU’ATHOILLAH:

“Saha anu moncorong wiwitan nana, tangtu moncorong deui wekasan nana”

Ari moncorong pikeun’Am, nyaeta dina sagala urusan nana, usahana, cita-citana, kudu karna agama…! Mangkade sabalikna…! Nyaeta ngagarap agama…, “karna dunya”, pangaruh, kadudukan, anu antukna bisa jadi puasana, wiridna, karna hayang ngudag kadunyaan …! Tah samodel kieu teh ngaranna “Lain karna Alloh”…, amal anu samodel kieu ……….., kosong…………….!!!

Kitu dijelaskeun ku Imam Ghozali dina kitab Minhajul’Abidin.

Alhasil, urang ieu dina ngagarap agama teh kudu sabenerna, saenyana, ulah nyandiwara…! Ari moncorong pikeun anu KHOS, nyaeta ku jalan ngaramekeun ngeusian sakabeh waktu ku rupa-rupa tho’at jeung wirid…, kalawan anteng mayeng…!

Moncorong wekasan nana: ku leberna NUR dina hatena tug dugi ka pinuh alam dadana sareng leberna kama’rifatan ka Alloh Robbul’alamin, jeung leungitna kokotor nafsu anu matak ngahalangan urang ka Alloh, kalawan sampurna.

Saur Ahli Ma’rifat:

 “Ari hate-hate anu merdeka ( anu ma’rifat ) eta kuburan pirang-pirang rahasiah”

ASMA-UL HUSNA:

Dawuhan gusti Alloh dina Surat Al-Isro ayat 110:

“Caritakeun ku anjeun ( heh Muhammad ), prak bisi maraneh rek ngadu’a, ku jenengan Alloh, atawa ku jenengan Ar-Rohman, samangsa maraneh ngadu’a, maka tetep kangge anjeunNA gaduh sababaraha jenengan anu sarae”

Dawuhan K.N. Muhammad saw:

 “Saenyana tetep ka Alloh anu Maha Mulya sareng anu Maha Agung kagungan 99 jenengan, saha anu katalar eta matak asup sorga”  ( Riwayat Imam Turmudzi )

Para ikhwan mu’minin salikin rohimakumullah…….

Dawuhan gusti Alloh anu kasebut di luhur teh pikeun ngajelaskeun ka sing saha bae anu rek ngadu’a ka anjeuNA, kenging, ngangge asma Alloh atawa Ar-Rohman, oge kenging ku anu sanesna, kumaha karep urang bae, sabab eta jenengan teh sadayana sarae ( Asma-ul Husna ).

Teras dijelaskeun ku eta hadist, nyaeta jenengan Alloh teh aya 99 jenengan, saterasna:

“Saha anu katalar  eta, “ASMA-UL HUSNA”, eta matak asup ka syurga” saur ahli ma’rifat, ieu ma’na  teh minangkana mah ma’na dina fiqihna. Ari ma’na dina tasaufna, sulukna, lain bae katalar …… , tapi oge …. “takholluq” ku eta Asma anu 99 tea, sapertos anu parantos diterangkeun.      

Sapertos Alloh Ar-Rohman, nya’ahan…: urang oge kudu nya’ahan.

Alloh Al- Jawaad  ( berehan ) …………..: urang oge kudu berehan 

Tah ieu ma’na takholluq teh, hartosna BERAKHLAK  ALLOH …..!

Alloh Al-Ghofur ( Hampura an ): Urang oge kudu hampura an.

Alloh Al-‘Adlu ( Adil ): Urang oge kudu adil

Alloh Al-Muhaimin( nu heman nalingakeun ): Urang oge kudu heman, nalingakeun.

Alloh Al-Latif ( Welas ): Urang oge kudu welas ka sasama.

Sareng anu sanesna deui anu aya dina Asma-ul Husna. Nyaeta carana teh ditafakuran, di muroqobahan, hiji-hijina eta ASMA kangge pedoman akhlak sareng budi pekerti, sareng kangge nyangreud manah tina aber-aberan inget kamana-mana, sareng tina mikiran anu lain-lain. Kalawan taofek Alloh, jalma anu berakhlak kitu, hatena bakal jembar, loba kabungah, kagumbira an, kani’matan anu tanpa wates wangenna.

Tah ieu teh minangkana hiji elmu kangge katenangan bathin sareng katengtreman jiwa, anu keur pada ditareangan ku sarerea.

CARA NAEKANNANA:

Dupi cara naekan nana ieu ASMA-UL HUSNA, eta sami bae sareng anu parantos diterangkeun ti payun dina Asma Ar-Rohmaanirrohim, nyaeta cara fiqihna, tasaufna, sareng tahaquqna.

Fiqihna nyaeta berahklak sareng wiridna…!
Tasaufna nyaeta berakhlak kalawan eta ASMA, tur make pedoman dina naekan nana kujalan ngambah maqom yakin anu 9 tea.
Tahaquqna nyaeta tajalina Alloh ku eta ASMA..!
Contona: Umpamana lisanna ngamal lafadna : “YAA JAWAADU” hatena ngamal ma’nana nyaeta : NUN DZAT ANU BEREHAN. Terus dinyatakaeun ku ahklakna nyaeta bari “BEREHAN”

Tahaquqna…TEKADKEUN bae ku anjeun…SYUHUD ku RASA anjeun, dimana anjeun geus bisa ngalaksanakeun samodel kitu……, eta….ALLOH NUJU TAJALI kalawan ASMA….JAWAAD…! Alhasil eta sadayanateh wiridna, hatena,ahklakna….TIMBUL ti Alloh…..,ku Alloh…ka Alloh….!.

Nyakitu deui dimana anjeun ningali batur ahklakna “berehan”, tekadkeun bae ku anjeun sareng syuhud ku SIR anjeun…..nyaeta….ALLOH nuju tajali di eta jalma…ku ASMA JAWAAD.   Dinu narimana, Alloh tajalli kalawan ASMA QOOBID….dinu merena, Alloh tajalli kalawan ASMA MU’THI….!

Jadi kabeh oge timbul ti Alloh…., sabab nya…anjeunNA anu AL-MUBDI-U ( anu nimbulkeun ) mulang deui ka Alloh……, sabab nya anjeunNA anu AL-MU’IIDU ( anu mulangkeun ).   AL-JAAMI’U ( anu ngumpulkeun ) akhirna kumpul….,balik sadayana ka anjeunNA…..  Ti Alloh….ka Alloh….,ku Alloh…..di Alloh….!

Urang mah ngan wungkul tempat dhohirna ASMA ALLOH.

ASMA ADHOHIRU:

Sok komo lamun Alloh tajalli kalawan ieu ASMA, tanwande anjeun bakal fana, majdzub, jeung bakal musnah sadayana makhluk.

Dawuhan Gusti Alloh dina surat AR Rohman ayat 26-27:

 “Sakuliah anu aya di bumi, di langit eta musnah…, jeung tetep langgeng Dzat Pangeran anjeun anu kagungan Ka-agungan sareng Kamulya-an”

Saur ahli ma’rifat, ma’na FAANIN teh …musnah…! Kalawan teu   kana jaman, sabab Faanin teh kalimat ISIM, nyaeta Isim Fa’al. Jadi baheula musnah…,ayeuna musnah…, jaga oge musnah…! Anu aya mah iwal ti Dzat Alloh Anu Maha Agung sareng Maha Mulya.

Saur syaekhuna Al-‘Arif billah Toto Syarif Muhammad Zakaria:

‘ Asma Adhohiru eta berjalan karasa kunu ma’rifat. Asma Al-Bathinu eta berjalan karasa kunu mahjub ( poek )”

Jadi ceuk rasa anu ma’rifat mah….: diri manehna…,sifat manehna..,af’al manehna…, anu euweuh…,ngan wungkul Alloh anu Aya ( anu Dhohir ) !   Ceuk rasa anu poek hate mah: diri manehna….,sifat manehna….,af’al manehna….anu aya ( anu Dhohir )..! Alloh…bathin..!!.

Dina HIKAM Ibnu ‘Athoillah ngabahas ASMA ADHDHOHIRU pikeun nganyatakeun batalna ayana HIJAB ( hahalang ) di HAK ALLOH TA’ALA ku 10 kalimat “Kaefa” anu ngandung ma’na ,” Aneh,kaget ( ta’jub )”

Anu ringkesna mah kieu:

“kaget….,kumaha rek bisa kagambar, Alloh kahalangan ku naon-naon, sedengkeun apan anjeunNA teh:

Anu Ngadhohirkeun kana sakuliahna perkara,
Anu Dhohir kalawan sakuliahna perkara,
Anu Dhohir dina sakabeh perkara,
Anu Dhohir pikeun sakabeh perkara,
Anu Dhohir samemeh aya sakabeh perkara,
Anu Dhohirna pangdhohirna tinimbang sakabeh perkara,
Anu Nyalira, henteu aya naon-naon sarta Alloh,
Anu Leuwih deukeut ka anjeun tinimbang sakabeh perkara,
Anu lamun henteu aya anjeunNA mah moal oge dhohir sakabeh perkara.
Jeung aneh…,kumaha bisana dhohir, Aya dina Euweuh…!. Atawa…, kumaha tetepna anu HADITS ( anu anyar ) sarta Dzat anu sifatna QIDAM. Sabab Aya jeung Euweuh teh duanana musuhan, moal kumpul bareng duanana.  Nyakitu deui HADITS jeung QODIM, anu anyar jeung anu euweuh mimitina, anu matak ceuk ahli ma’rifat mah :

“Alloh anu dhohir, Alloh anu aya, makhluk anu euweuh bolongkotan……Alloh anu bathin, Alloh anu dhohir, Alloh anu awal….,Alloh anu akhir. Jadi sakaligus leungit…,sasar….Tekad HULUL sareng ITTIHAD, hartosna ASUP …, MANUNGGAL … NGAHIJI.

Sabab ari ngaran Ittihad teh nyaeta:

 “Barengna anu Qodim sarta anu Hadits ( anyar ) , teras ngahiji hingga ngajadi hiji, tah model kieu mah mustahil..!”

Jadi anu tekadna “manunggal jeung Alloh” eta teh SASAR…!

Tapi dina maqom FANA oge aya bahasa ITTIHAD, nyaeta…ITTIHAD FIL WAHDAT.

Kajadian Anu Aheng:

Hiji jalma ngucap “Alhamdulillah” di payunaneun Iman Juned r.a.

Iman Juned r.a: “ Tamatkeun atuh saderek jeung lafadh Robbil’alamin”

Eta jalma : “ Aduh henteu tiasa ngahijikeun ngucap ‘alamin sarta Alloh”

Iman Juned r.a: “Kieu atuh ngucapna :

“Saenyana anu anyar, dimana bareng jeung anu qodim…, tangtu musnah   anu anyar… Tetep langgeng anu Qodim…!”

Anu kieu dingaranan FANA teh…!

LENYEPKEUN:

Tah ayeuna ( he para salik ) , geura papay ku anjeun dina hiji-hijina ieu ASMA sareng NGAGUNAKEUN NANA…!  Contona saperti: Dimana anjeun ningali anu maot……, ieu teh Alloh nuju TAJJALI kalawan ASMA  AL -MUMITU..( anu ngamaotkeun ) : Sawangsulna tina ASMA AL-MUMIITU nyaeta AL-MUHYI ( anu ngahirupkeun ).

Tah anu kieu teh  disebatna : ASMA-AF’AL atawa SIFAT-AF’AL.

Contona deui: Al-MU’IZZU ( anu ngamulyakeun ) lawanna AL-MUDZILLU ( anu ngahinakeun ).

Jadi ringkesna mah ma’na ASMA-AF’AL teh nyaeta pikeun anu aya lalawanan nana; nyakitu deui Sifat Af’al.

Jadi kesimpulannana : Af’al Alloh teh ngamaotkeun…ngahirupkeun, ngamulyakeun … ngahinakeun, Ngaluhurkeun…Ngahandapkeun, Ngarobahkeun… Nyicingkeun jeung sajabana ti eta.  Tah lamun geus ngarti…, ayeuna geura prak muroqobahan sing nepi ka jadi mukasyafah…, musyahadah…. Tina ASMA teh sing nepi ka Dzatna …, sabab….. urang ieu ibadah teh Hakekatna mah ka …DZAT anu kagungan eta ASMA.

Saur Ibnu Malik dina ALFIYAH- na :

 “ Ari ngaran eta nangtukeun kanu di aranan nana kalawan mutlak”



MU’AAYANAH ( NANGTUKEUN )

Ari nangtukeun ieu aya 2 tingkatan :

Kahiji : Nangtukeun ku i’tikad hate, nganyahokeun, ngabenerkeun, ngimankeun, terus … diucapkeun ku lisan, nyaeta saenyana teu aya anu ditauhidan, di-ibadahan, tegesna teu aya Pangeran anu sabenerna anging Alloh Nyalira sareng saenyana KN Muhammad saw eta utusan Alloh.

Kadua: Nangtukeun ku MUKASYFAH pikeun jalma anu tos terbuka hatena, anu caang bashirohna, bisa ningali ( awas ) kana ULUHIYAHNA Alloh SWT nepi ka musyahadah rasana kana AHADIYATNA Alloh SWT.

Tah ieu hakekatna ma’na ucapan : Syahadat

Kalawan terus mundur ka Alam Sadar..

Ieu maqom nangtukeun Musamma teh dina Elmu Ma’rifat disebutna MAQOM MU’AAYANAH.  Bilih hoyong faham kana ieu maqom, mangga bae tingali dina kitab Jami’ul Mugni Syarah Fathurrohmman.

Maqom Mu’aayanah ieu teh pikeun salikin mah saba’da mukasyafah, sareng samemeh musyahadah, nyaeta ieu maqom teh hiji maqom anu panghebatna, pangbeuratna, pangdipikagentarna, sabab…, ka asup kana Babak Panyisihan Terakhir kangge mencapai Maqom MAJDZUB ILLAHIYAT, anu dina hadist na diterangkeun:

“ Sakali Majdzub tina pirang-pirang Jadzbah Pangeran anu maha Hak eta moal bisa diunggulan ku amal Jin sareng Manusa”

Numatak pantes maqom Majdzub ieu teh dipikahayang ku sarerea anu suluk.

“ Saha anu henteu ngasa-an, nya tangtu Moal Nyaho”

“ Jeung henteu sarua, ukur beja jeung…anu nganyatakeun”.

Kukituna mang hanjakalkeun, nepi ka ieu maqom teh seu-eur anu ngaku. Sabab seu-eur anu ngaku FANA, ngaku MAJDZUB, padahal mah MU’SHIR atawa kalenger ( teu eling ), karanjingan ku JIN, anu di antarana sok bari ngabudah sungutna, aya anu ngageter awakna bari heuras, aya deui anu bari ceurik ngagukguk, aya deui anu teu elingna teh bari ngocomang-ngaco.

Anu matak dimana aya elmu anu kudu ngaco heula…,Eta elmu SASAR….. Ngan kulantaran teu nyarahoeun tea…,

Nu kituna………, nu ningalina…, guruna……, muridna…….., sarua atoh bari nyebutkeun Cenah…. Eta teh….., keur FANA…, keur MAJDZUB, padahal mah MU’SHIR ka asupan jin. Kade bisi kitu..

Malah aya deui, ka anu gelo oge majar teh keur MAJDZUB…., ieu teh sadayana timbul  tina kabodoan-nana…., henteu terangeun kana ta’rifatna FANA sareng MAJDZUB! Sok komo kana hakekat ma’rifatna mah. Malah henteu ma’rifat af’al-af’al acan, sabab kana Tajalli Af’al oge can kungsi ngasa-an.

Salajengna ari maqom MU’AAYANAH ieu, pikeun’Arifin mah nyaeta maqom saba’da musyahadah… nyaeta susunan-nana ma’rifat : Mukasyafah, Musyahadah, Mu’ayanah.

Pasoalan: ”Dupi ari eta anu sok NYAHOAN kana EUSI HATE BATUR…, bisa NINGALI KA ARWAH ( anu atos maraot ), sarta bisa NGOBROL jeung bangsa Jin, sareng bisa NINGALI kanu jauh sanajan rebuan kilometer anggangna, sareng sajabana ti eta…, tah kumaha eta anu kitu? Cenah… eta oge ngaranna Mukasyafah…….?

Jawaban :”Bener eta oge sok dingaranan mukasyafah…! Tapi, sanes mukasyafah anu dituju ku elmu ma’rifat, margi, ari ngaranna mukasyafah ceuk ahli ma’rifat mah nyaeta….:

“Ari mukasyafah teh nyaeta HADIR ( sarta Alloh ) anu henteu bisa disifatan ku penerangan”

Saur Imam Asysya’roni:

”Mukasyafah model ningali kana ka-ayaan sajeroeun imah batur ti ka-anggangan… eta teh saenyana mah mukasyafah Syetan ( JIN )”

Sareng deui mukasyafah model kitu biasana tina Elmu Hikmat, nyaeta aya babaca-an nana anu lamun kataekan, buahna teh moal teu kitu.

Jadi……, ari mukasyafah nurutkeun ahli ma’rifat mah nyaeta…, Hadir ( sarta Alloh ) anu henteu bisa disifatan ku penerangan.

Anu samemehna bisa hadir kieu teh, nyaeta terbukana hijab hatena … Bray…, Katingali jelas… Rohanina… “Nur” wungkul… ngojay dina lautan “Nur” anu tanpa wates-wangenna… Sup…. ka Eta Alam, Les…, Alam Jasadna ( Alam Mulki )…, Leungit… Karungkup ku Caang…! Sarta Pasti Leungit. “Waham” sareng “Hoyalna” ( Sangka-an sareng cita-cita otakna ).

Tah, ieu mukasyafah mungguh ahli ma’rifat………..!

Saparantos kitu…, terus tingkatkeun deui “Nur”-na ka anu leuwih caang tibatan eta “NUR”, nyaeta”NUR ASAL”…! Asal ti Dinya, balik deui ka Dinya…!

Tah ieu teh “Alam Asma sareng Sifat”…….!!

Dina maqom ieu “Mu’aayanah” teh ( Jabarut ). Ari ieu “Nur” teh nyaeta,,,, “NUR”-na K.N. Muhammad saw…..!

Punten, rada panjang jawaban-nana perkawis mukasyafah, mu’ayanah, kumargi…, seu-eur anu sok “Nyanyahoanan” sareng akuan anu antukna loba anu katipu di kalangan ’Am sareng Khos.

Sarengna memang oge sim kuring teu acan mendakan anu nerangkeun sareng anu “Ngahukuman” kana mukasyafah, mu’ayanah. Sareng deui, seu-eur anu teu acan terangeun kana bedana Elmu Ma’rifat… sareng Elmu Hikmat…, anu antukna seu-eur tukang “Hikmat” anu ngaku.., “Ma’rifat”..! Malah.., seu-eur Dukun anu ngaku”Ma’rifat”, ngaku ahli Hakekat. Pan jadi pabeulit.

Nyakitu deui seu-eur para ahli Da’wah anu masih teu acan terangeun kana “Sajatina” Elmu Hakekat, Elmu Ma’rifat, sahingga diantarana aya anu “Nyakompet-daunkeun”: anu pokna teh “Satiap Hakekat… eta mikung, eta sasar…”,kituh..!

Tah sangka-an kitu teh ngajelaskeun kana “henteu terangeun nana” kana sajatina Elmu Hakekat-Elmu Ma’rifat….!!

Anu padahal aya 2 Rupa:

 aya anu HAK, aya oge anu BATHIL…

aya anu CAANG, aya oge anu POEK….

aya anu NURONIYAH RUHANIYAH.., aya oge anu DHULMANIYAH.., JINNIYAH,

aya anu LADUNI NURONI…., aya oge anu ISTIJRAD MAKRI….     

Dalil anu gampil keur Ahli Syare’at mangga bae tafakuran… ka aya-an antawis K.N. Musa a.s. sareng K.N. Khidir a.s anu aya dina Al-Qur’an surat Kahfi (ayatna seu-eur):

Sareng sing emut kana semboyan para ulama:

“Syare’at henteu dibarengan ku Hakekat…. Kosong, Hakekat henteu dibarengan ku Syare’at…, Batal…..! ”

NGENALAN  PARA IMAM

Agama anu ku urang dianut teh, eusina aya tilu:

Nyaeta                                       : ISLAM - IMAN - IHSAN.

Ari elmuna dingaranan          : Fiqih -Tasauf - Tahaquq

Ari jurusan nana                       : Syare’at -Tarekat - Hakekat

Ari sasaran nana                       : Jasad - Hate - Ruh

Ari gelar anu ngagarapna      : ‘Aabid -Zaahid - ‘Aarif

Ari kalakuan nana                    : ‘Ibadah - ‘Ubudiyah - ‘Ubudah

Ari sesebutan nana                 : Muslimin-Mu’minin-Muhsinin

Tah kudu nepi kadinya lamun aranjeun rek diajar ngaji sakumaha diajarkeun nana ku para Nabi.

Dina masing-masing fak ieu aya IMAM-IMAM na, anu ahli, anu diakui ku sadayana Muslimin, Mu’minin, Muhsinin tea dijaman Tabi’in,Tabi’ut Tabi’in. Da dijaman sohabat mah elmu agama ieu can dipisah-pisah siga ayeuna.

Ari Imam anu Fak dina Elmu fiqih, eta sadayana mah seu-eur, aya kirang langkung 10, namung anu ditetepkeun mah aya 4, kumargi anu 4 ieu perjalanan nana teh ( madzhab ) tersusun rapih kalawan terus-menerus dijalankeun ku pangikutna sareng bukti aya kitab-kitabna, sareng deui ari para Imam Mujtahid mah sadayana oge eta  Ahli kana elmu Dhohir sareng elmu Bathin, Syare’at sareng Hakekat. Kumargi, Syare’at sareng Hakekat teh sami ti jungjungan K.N. Muhammad saw. Namung anu seu-eur dikanyahokeun sareng anu dibahas ku aranjeunna, nyaeta Elmu urusan KAISLAMAN, anu disebut Elmu  Fiqih.

Ari ieu Imam anu opat teh, nyaeta anu tos teu samara deui:

1.Imam Hanafi. 2. Imam Maliki. 3. Imam Syafi’i. 4. Imam Ahmad bin Hambali.
Sadayana ieu Imam teh, sanaos di antarana kaolna seu-eur anu perbentenan nana namung sadayana oge leres. Anu matak dina nuturkeun ka aranjeuna kedah patuh kana salah-sahijina, ulah ngalap ka anu arentengna wungkul sareng ulah dipilihan saenamah. Tapi omat ulah nyalahkeun kanu sejen.

Salajengna para Imam Tauhid oge kacida seu-eurna, malih rupina mah langkung seu-eur tibatan Imam Fiqih, nyaeta sadaya aliran dina ieu elmu aya 73 aliran/golongan. Kitu dijelaskeun dina Hadist.

Anu salajeungna kieu :

Ieu sadayana golongan teh bakal kana Naraka…, anging anu salamet teh, nyaeta…. Anu milu kana.. ! I’tikad KN Muhammad saw sareng i’tikad para Sahabat ra.    Ari anu dijalankeun ku KN Muhammad saw , namina SUNNAH, ari anu dijalankeun ku para Sahabat ra, namina JAMA’AH. Ayeuna urang hijikeun jadi I’tikad AHLI SUNNAH WAL JAMA’AH.

Ari Iman Mujtahidna , nyaeta :   (1) IMAM “ASYA’ARI  (2) IMAM MATURIDI

Tah ieu anu katelah ku Imam Ahli Sunnah Wal Jama’ah dina Tauhid Umum. Anu palajaran nana diringkeuskeun dina ‘Aqo-id sifat atawa “aqo-id Khomsin (50) anu perincian nana :   

20 sifat anu wajib di Alloh
20 sifat anu mustahilna
1 Sifat anu wenangna di Alloh
Jadi jumlah sadayana aya 41 sifat.
Ditambih ku sifat anu wajib di Rosul:
4 Sifat anu wajibna
4 Sifat anu mustahilna
1 Sifat anu wenangna
Jadi jumlah sifat anu di Rasul aya 9 sifat

Jumlah sadayana sifat anu di Alloh sareng anu di Rasul aya 50 sifat.

Tah ieu teh disebatna TAUHID UMUM sareng MA’RIFAT DASAR. Anu ngandung harti. Sing saha anu rek ngudag Ma’rifat Khusus…, saperti aya dina ieu buku…., maka eta kedah NGAJI heula kana eta ‘AQO-ID KHOMSIN.  Tah ieu ‘Aqo-id teh wajib di kanyahokeun ku sakabeh muslimin muslimat anu parantos akil baligh. Tapi ku kituna omat ulah ngalap cekap ku sakitu wungkul, sabab martabat iman teh henteu cukup ngan nepi ka DINYA bae.

Mangga geura tingalian tong jauh-jauh eta bae dina Syarah Safinah kaca 8; nyaeta ringkesna kieu :

MARTABAT IMAN aya 5:

1.Iman Taqlid, nyaeta imanna teh anu sok milu ka batur bari teu terang kana dalil dalilna acan.
2.Iman Elmu, nyaeta imanna teh anu kaluar tina elmuna sareng terang dalilna.
Tah ieu Iman Taqlid sareng iman Elmu teh :

“Poek hatena sareng SIR-na, tina ningali ka Dzat Alloh Ta’ala”

3.Iman I’yan, nyaeta anu  sok disebut “Aenal Yakin” anu ieu mah geus caang hatena ku NUR IMAN,sarta tos bisa ningali alam Malakut.

4.Iman Haqqul-Yakin, yaeta anu tos Musyahadah Ningali Ka Alloh ku Jeroan Pisan Hate ( sir )

5.Iman Hakekat, nyaeta anu tos salamina Fana ka Alloh.

IMAM MA’RIFAT

Ari  Imam ma’rifat anu kasohor aya 2 :

1.IMAM ABI HASAN NURI ra.
2.IMAM JUNED ra
Ari cara pembawaannana nyaeta kieu :

Ari Imam Abi Hasan Nuri mah tara nerangkeun kana ieu Elmu Hakekat anging ka ahlina.
Ari Imam Juned mah, Elmu Hakekat teh sok dicarioskeun sareng sok dipasihkeun ka ahlina sareng ka lain ahlina. Kanu KHOS sareng ka nu ‘Am.  Malah anjeunna kantos ditegor pedah sok nerangkeun Elmu Hakekat kanu AWAM.
Waler Imam Juned ra. “Enya…, tapi sim kuring ngajak ka ‘Am ( awam ) ieu dipayuneun Alloh”

Teras kadieunakeun.., anu samodel kieu teh Syekh Sayyid Ali Al Imron, nyaeta guruna para ulama anu ma’rifat, malah kantos dituding tukang ngabubadirkeun Elmu.

Para ihwan mu’minin salikin rahimakumullah.  Urang ieu ulah kahalangan tina maju jalan ka Alloh kusabab awam, sareng kusabab loba dosa. Sabab teu kirang kirang anu kapungkur oge nepina ka Alloh teh tina ka awaman nana atawa tina saba’da tobat ka Alloh tina rupa rupa dosa.

Diterangkeun tina kitab Futuhatil Ilahiyat :

Seu-eur para auliya anu laluhung tadinamah jalma-jalma anu awam dina Fak Syarea’at, tapi dina Fak Rahasia-Rahasia Kama’rifatan nana mah Laluhung…! Contona saperti guruna Shulton ‘Arifin wal Auliya Abu Yazid Al-Busthomi, eta jalmi awam nyaeta anu katelah Abu Ali Al-Musnadi.

Saur Abu Yazid ra: “Kuring diajar Elmu Tauhid sareng Hakekat.. ka anjeunna ( Abu Ali Al Musnadi ). Anjeunna belajar Elmu Sholat sareng Elmu Syare’at sejenna ka kuring” ( Abu Yazid )”

Nyakitu deui Syekh Ibnu Ubbad butuhna kana kama’rifatan nana teh tina perawatan nana Ahli Ma’rifat anu awam.  Contona deui saperti guru ma’rifatna IMAM GOZALI eta oge jalmi awam. Syekh Gozwini ( guru ma’rifat ), sahingga lamun datang ka anjeunna masalah masalah syare’at sok dituduhkeun ka muridna nyaeta Syekh Habthi.

Sareng seu-eur deui anu sanesna…Alhasil……..:

“Sareng seu-eur ti para wali anu aragung eta barodo…, tapi dina rahasiah Kawalian Laluhung’ ( Futuhatil Ilahiyah, kaca 161)

Iman Al-Ghozali sareng Imam Aysyadzali :

Diantara cara pangajaran Maqom Ihsan dititikbeuratkeun ku Imam Ghozali, kedah salamina NGARASA “Fa Innahu Yarok”, hartosna salamina urang ieu ngarasa Ditingali Ku Alloh.

Ari pembawan nana Imam Asysyadzali mah “Ka Annaka Taroh” hartosna : Kaya-kaya saenyana anjeun Ningali Alloh salamina.       

“ Jeung sing saha anu henteu ngajadikeun Alloh keur manehna NUR maka moal keur manehna menang NUR”

Jadi .., sing saha jalma nu teu dipasihan CAANG hatena ku Alloh, maka…., eta moal CAANG.

AYEUNA URANG MALIKAN DEUI KANA MASALAH ‘ASMA’, ISMU DZAT ALLOH : 

Ari Alloh teh nyaeta  ngaran pikeun Pangeran anu Haq kalawan tuduh anu ngahimpunkeun kana ma’na-ma’na ASMA UL- HUSNA sadayana”

Jadi Alloh teh ngaran dzat anu dingaranan ku sakabeh ngaran, anu ngahimpunkeun sakabeh ASMA.

Contona ngahimpunkeun, saperti lamun aya nu nanya:

“Saha anu welas asih teh?”                      Jawab : “Alloh”

“Saha anu berehan… ?”                             Jawab : “Alloh”

“Saha anu lautan hampura?”                  Jawab : “Alloh”

“Saha anu berbuat…?”                               Jawab : “Alloh”

“Saha anu ngarizkian…?”                           Jawab : “Alloh”

“Sareng saterusna……..?”                         Jawab : “Alloh”

Jadi..sakabeh Asma ( Ngaran ) teh…, balik kanu dingaranan nana…, nyaeta Dzat Alloh SWT Nyalira…! Tah ieu teh ma’nana WAHDAT sareng WAHDANIYAT, hartina : “NYALIARA” anu buktina Nyaliara ngaliputan ka sakabeh perkara.

Jadi anu Nyalira teh saenyana Nyaliara.

Bari henteu ITTIHAD sareng HULUL…!

Maha Suci Alloh tina eta ka aya-an….!

Ari i’tikad anu model kieu, nyaeta Ittihad sareng Hulul ( Manunggal Sareng Nitis ) biasana I’tikad Ahli Kabathinan sareng Hakekat Mikung. Anu ka Alloh teh ngalap cukup ku Percaya Wungkul.  Anu tekadna teh geus teu kudu ibadah Syare’at sagala rupa, sabab manehna Ngarasa geus Manunggal jeung Alloh. Maha suci Alloh tina tekad saperti kitu.!

Tapi dina maqom FANA oge aya bahasa ITTIHAD, nyaeta…ITTIHAD FIL-WAHDAT.

Sapalih Ahli ma’rifat ngadamel conto supaya ngadeukeutkeun kana faham, tapi henteu dina Hakekatna mah. Nyaeta saperti : “ Kaca anu dipulas ku rupa rupa warna, hideung, koneng, biru, beureum, hejo. Terus dipoekeun kana panon poe. Geus tangtu bakal tembong dina taneuh masing-masing kalangkangna eta sadayana warna anu aya dina eta kaca, bari eta cahaya panon poe teh henteu pindah terus ngahiji jeung eta kaca”.

Dhohir eta sadayana sifat sareng warna, padahal panon-poena mah HIJI. Geura mangga tafakuran.!

Saha anu faham kana ma’na WAHDAT atawa WAHDANIYAT dina maqom umum sareng maqom khusus, niscaya jadi ahli tauhid anu sabenerna. Anu Ta’rifna WAHDAT teh, nyaeta:  Nyalira tapi nyaliara….

Nyaliara tapi nyalira

Hiji tapi loba……

Loba tapi hiji…….!!

Jadi lobana teh Loba Nisbat……., Loba Sesebutan nana…..

“Ari sesebutan ieu Hakekatna mah Henteu Aya”

Nyaeta lamun ditingali ka aya-an-nana sareng buktina memang oge Loba…. Tapi…, lamun dibalikeun ka Pusatna mah ( Ilahiyat ) eta – HIJI -……….!

Anu matak saur Syekh Nafis dina kitabna:

Heh saderek sim kuring anu’Arif, dimana anjeun tos hasil ieu maqom Tauhid Asma, maka Alloh SWT sok TAJALLI ka lawan silih ganti antara Dua Asma:”Al-Jaami’u sareng Al-Maani’u” ( anu ngahimpunkeun sareng anu nyegah ). Anu mere tuduh duanana ka anjeun kana musnahna sagala anu di  DHOHIR  keun nana, karungkup ku AHADIYATNA  Alloh SWT.

Anu kahiji, jenengan Al-Jaami’u, hartosna : Anu ngahimpunkeun nyaeta ngahimpunkeun ka sadayana anu di  DHOHIR  keun nana.

Carana Nyaeta:

Hartosna: “Tingali Loba dina Hiji”

Ma’nana : “Sakabeh alam eta ti Dzat Alloh wungkul Nyalira…! Henteu aya anu sanesna”

Kadua, jenengan Al-Maani’u, hartosna: Anu nyegah Kalawan Dzatna sakabeh anu di DHOHIR  keun nana.

Carana Nyaeta:

Hartosna : “Tingali Hiji Dina Loba”

Ma’nana :”Ti Dzat Alloh timbul sakabeh alam….Teu aya ti Nu Sanesna......

Kasimpulan : tina ieu dua GELAR ( Asma ), terhimpun sakabeh alam ka Alloh SWT sareng tercegah tinu sanesna. ASAL TI ALLOH BALIK DEUI KA ALLOH….!  Inna lillahi wa inna ilahi roojiuun

Rupina mung sakitu bae bahasan maqom yakin anu ka salapan ieu jalaran tos panjang teuing. Padahal upami dibahas ku ahlina  moal tamat-tamat ngaos tauhid mah malih anu ngaosna kaburu bosen. Tapi sok sanajan kitu, mugi wae aya mangfa’at sareng barokahna kanggo saha bae anu hoyong diajar elmu tauhid ieu, boh kanu ngarang ieu buku boh kanu mostingkeun nana oge kanu macana. Amin..
Share this article :

1 komentar:

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Proudly powered by Blogger
Copyright © 2011. Pidato Sunda - All Rights Reserved
Template Design by Creating Website Published by Mas Template