Headlines News :
Home » » Honcewang

Honcewang

Written By Unknown on Senin, 15 Juli 2013 | 01.24

 Honcewang
Langit angkeub nyimbutan katumbiri
Panon poe surup ninggalkeun bumi
Salira teu bengras sabihari
Angin tiis pamirig kapeurih ati
Paneuteup teu anteb siga sasari
Sakolebat ngajorelat balieus ka jisim diri

Kunaon langit teu bengras lenglang
Sedeng hate mitineung ringrang honcewang
Naha kunaon katumbiri taya gumawang deui
Maturan kuring nu ngalagena ati

Hariring dangding hawar-hawar reureundahan
Ngagupay diri ngudag balieus bebende ati
Dalingding angin nurihan reumbay cisoca
Reumbay hariwang kamelang..
Inggis salira bendu kadiri nu teu walakaya
Share this article :

0 komentar:

Speak up your mind

Tell us what you're thinking... !

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Proudly powered by Blogger
Copyright © 2011. Pidato Sunda - All Rights Reserved
Template Design by Creating Website Published by Mas Template